//
you're reading...
Paribasa jeung Babasan

Paribasa jeung Babasan | huruf awal K

Ka luhur teu sirungan kahandap teu akaran = Jelema nu jahat, julig jeung dengki mah moal jamuga, moal aya kamajuan boh ngeunaan pangkat, boh rejeki.

Kaceluk ka awun-awun kawentar ka janapria, kakoncara ka mancanagara = Kawentar pisan, kawentar kamana mana.

Kaciwit kulit kabawa daging = Kababawa, katarik kana hiji perkara, keukeuh milu susah, sanajan teu boga salah jeung henteu milu ulubiung perkarana.

Kahieuman bangkong = Ku ayana barang titipan di urang, urang teh nepi ka jiga beunghar katenjona ku batur mah padahal miskin teu boga nanaon.

Kai teu kalis ku angin = Unggal jelema awal ahir tangtu bakal pinanggih jeung kasusahan.

Kajeun pait tungtung amis manan amis tungtung pait = Tibatan ahirna matak susah, leuwih hade dicaritakeun ti heula naon anu matak pisusaheunana.

Kajeun panas tonggong asal tiis beuteung = Kajeun teuing cape gawe asal bisa dahar kalawan cukup.

Kalapa bijil ti cungap = Ngucah ngaceh rasiah sorangan anu matak cilaka.

Kandel kulit beungeut = euweuh caerá.

Katempuhan buntut maung = Batur anu salahna atawa anu boga dosana, tapi urang anu kudu nyanghareupan balukarna.

Katumbukan catur kadatangan carita = Loba anu embung sabab ngagedekeun jeung ngagugulukeun panyerewedan.

Kawas anjing kadempet lincar = Mere parentah ka batur teu kalawan sabar, malah bari ambek ambekan sagala.

Kawas budak rodek hulu = Teu ngupama, teu ngajenan, teu ngahargaan pisan.

Kawas cucurut kaibunan = Ngeunaan ka jelema anu matak sareukseuk panon.

Kawas hayam keur endogan = cilingcingcat bae, teu bisa cicing.

Kawas hayam panyambungan = Tacan nyaho di kaler kidul, kawantu anyar keneh aya di eta tempat.

Kawas kacang ninggang kajang = Ngomongna tarik tur gancang, biasana ngeunaan ka awewe nu keur ngambek bari nyarekan.

Kawas kuda leupas ti gedogan = Bingung ku kamerdekaan, terus sakama-kama nganteur kahayang, ngalajur napsu, kulantaran euweuh anu ngageuing atawa euweuh nu nyengker.

Kawas lauk asup kana bubu = Gampang asupna kana pagawean tapi pohara hesena hayang kaluar ninggalkeun eta pagawean.

Kawas lauk asup kana bubu = gampang meunangna jeung asup kana hiji pagawean, tapi hese kaluarna jeung negcagkeunana eta pagawean (masalah).

Kawas nu mulangkeun panyiraman = Sok nu lain lain, jeung hese ngayakeunana nu dipikayang ku jelema nu tereh ajal, kahayangna sabisabisa kudu dicumponan bae, sanajan matak ngarepotkeun ka ahlina/ kulawargana.

Kawas siraru jadi = Pabaliut ku tina lobana, ngeunaan ka jelema.

Kawas wayang pangsisina = Ngeunaan jelema nu goreng rupana.

Kejo asak angeun datang = Sapagodos jeung maksud urang, atuh teu talangke deui harita keneh dilaksanakeun.

Keur meujeuhna bilatung dulang = Laleutik keneh pisan keur meujeuhna bareuki dahar.

Keur meujeuhna hejo lembok rambay carita = Keur meujeuhna loba pakaya jeung loba rejeki.

Keur nuju bentang surem = keur sue,atawa tiis badan, lamun guna tani ku hama, lamun dagang terusterusan rugi bae.

Kiceupna sabedug sakali = Pohara lungguhna.

Kiruh ti girang kiruh ka hilir = Lamun anu di luhruna teu balageur jeung teu balener, tangtu nu dihandapna oge milu teu bener milu teu bageur.

Kokoro manggih mulud puasa manggih lebaran = Anu saumur -umur miskin tuluy dina hiji waktu pinanggih jeung kamulyaan atawa rejeki anu gede, sasarina sok kacemekanana nepi ka siga mangpang meungpeung.

Kokoro nyoso, malarat rosa, lebaran teu meuncit hayam = Kacida miskina.

Kotok bongkok kumorolong, kacingcalang kumarantang; Lauk buruk milu mijah; Piritan milu endogan = Pipilueun kana hiji kalakuan kulantaran kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goreng katenjona.

Kudu bisa ngeureut neundeun = Kudu bisa nyukupkeun rejeki atawa pangala anu saeutik.

Kudu boga pikir kadua leutik = Ulah sabongbrong teuing, kudu aya pikir rangkepan, kudu aya rasa curiga.

Kujang dua pangadekna = Hiji pagawean anu ngandung dua rupa maksud.

Kulak canggeum bagja awak = Milik hade atawa goreng anu geus ditangtukeun ti ajalina keneh ku Gusti Nu Maha Suci.

Kumaha bule hideungna bae = Kumaha engke bae buktina, kumaha behna.

Kumaha kejebur caina geletuk batuna = kumaha jadina bae, henteu jadi pikiran.

Kunang kunang nerus bumi = Ramana geus teu jeneng deui, di putrana awal ahir aya nu jeneng cara ramana.

Kuru cileuh kentel peujit = Daek tirakat, ngadoakeun budak sangkan sangkan junun.

Kurung batok = teu resep nyanyabaan, ni’mat cicing diimah bae.

Sumber: kipsaint.com

About these ads

Diskusi

Belum ada komentar.

Berikan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

Ikuti

Get every new post delivered to your Inbox.

%d blogger menyukai ini: