//
archives

Bahasa Sunda

This tag is associated with 34 posts

Si Bedegong Jadi Pelatih

(Ilustrasi: Galura) Ku: Aan Merdéka Permana SANAJAN keur usum hujan tapi di lembur Si Bedegong maénbal mah teu eureun. Komo ayeuna keur aya pertandingan maénbal antar-RT. Ngan hanjakal, di RT manéhna, barudak téh laleutik kénéh. Kitu lah umur-umur kelas dua SD. Ari Si Bedegong mah da geus kelas opat, teu meunang miluan. “Jeung pangpangna mah … Baca lebih lanjut

Si Bedegong Sieun Angin Puyuh

(Ilustrasi: Galura) Ku: Aan Merdéka Permana MINGGU kamari di Garut aya angin puyuh lilimbungan, ceuk basa kiwari mah putting-beliung cenah. Sawatara pilemburan anu aya di Tarogong Kaler jeung kidul loba anu burakrakan kahéab ku angin puyuh. Kenténg amburadul, sakola runtuh hateupna. Atuh di puseur kota gé loba tangkal galedé runtuh ngahalangan jalan aspal. Ngadéngé kitu, … Baca lebih lanjut

Si Bedegong Dinu Hajat

(Ilustrasi: Galura) Ku: Aan Merdéka Permana “GONG, Bi Unah manéh rék nyunatan Si Encep, datang kaituh” ceuk indungna. “Naha ari Ema moal ka ditu?” “Arék. Tapi Ema mah moal bisa isuk-isuk. Béjakeun we ku manéh, nya.” Bi Unah téh tatangga baréto, ayeuna imahna geus pindah ka tonggoh. Si Bedegong mani atoh dititah kanu hajat téh. … Baca lebih lanjut

Si Bedegong Teu Sakola

(Ilustrasi: Galura) Ku: Aan Merdéka Permana GEUS dua poé Si Bedegong teu asup ka sakola. Ari keur aya mah, Bu Guru gé munggung lieureun. Di jero kelas, Si Bedegong tara daék cicing. Gawéna ngaheureuyan batur. Barudak awéwé mah meusmeus tingdarengék, aya anu disingsieunan, aya anu disumputkeun bukuna jeung rupa-rupa. Sakapeung gandéng jiga surili. Ngan dua … Baca lebih lanjut

Si Bedegong Meuli Céngcéléngan

(Ilustrasi: Galura) Ku: Aan Merdéka Permana ISUK-isuk poé Minggu Si Bedegong ngabring ka Kota Garut jeung batur-baturna. Cenah mah réek meuli céngcéléngan. “Bisi taun hareup piknik deui ka Jogja, meureun moal susah teuing duit, nya?” ceuk Si Dodo, diarunggeukan ku batur-baturna. Tina budak anu opatan, ukur Cép Duki anu moal meuli céngcéléngan mah. Keur naon … Baca lebih lanjut