//
you're reading...
Sérial Si Bedegong

Si Bedegong Jadi Pelatih

Si bedegong Jadi Pelatih
(Ilustrasi: Galura)

Ku: Aan Merdéka Permana

SANAJAN keur usum hujan tapi di lembur Si Bedegong maénbal mah teu eureun. Komo ayeuna keur aya pertandingan maénbal antar-RT. Ngan hanjakal, di RT manéhna, barudak téh laleutik kénéh. Kitu lah umur-umur kelas dua SD. Ari Si Bedegong mah da geus kelas opat, teu meunang miluan.

“Jeung pangpangna mah sok licik Si Igong mah, ceuk Jang Maman, baturna misah RT.

“Geus wé Gong manéh mah jadi pelatih, nya?” ceuk mang RT.

“Batan teu ilibiung teuing, atuh SI Bedegong téh daék wé jadi pelatih kasawelasan sepakbola RT 05.

“Sok ayeuna kabéh kudu diajar pipinaltian,” ceuk Si Bedegong bari niup piriwit.

“Agung maju!”

Si Agung bari nyusut lého maju ka hareup.

“Awas kudu asup, nya! Ceuk Si Bedegong.

“Kumaha Aa supaya bisa asup téh?”

“Kudu maké taktik atuh ulah jangji nyépak,” omong Si Bedegong.

“Kedah kumaha Aa, ari nyépak pinalti?”

“Kieu carana. Tingali heula ka mana kiper ngajlengna. Mun kiper ngajleng ka katuhu, geuwat tajong ka kénca. Pasti asup,” ceuk Si Bedegong.

“Maenya tiasa kitu?”

“Tingali wé dina pertandingan maénbal tingkat dunya. Lamun pinaliti, pasti kiper ngajlengna ngajauhan bola, matak sok asup,” omong Si Bedegong. Jang Maman unggut-unggutan tapi bangun anu tetep teu ngarti.

“Sok Oman, manéh eudeuk ngajleng ka mana?” ceuk Jang Maman saméméh najong. Tapi Oman anu jadi kiper, teu daék nembalan, gawéna téh merong wé kana bal. malah ahirna mah ukur tingjarengjen. Jang maman embung nyépak. Oman embung ngajleng miheulaan.

“Ih. Barodo pisan dilatih téh!” Si Bedegong kukulutus.

“Basa der pertandingan kasawelasan anu dilatih ku manéhna ngan éléh jeung éléh wé. Malah kamari mah ku RT 07 diéléhkeun tepika 10-0, jiga tim Nasional doenol ku Bahrain tea geuning.

Mang RT keuheul, atuh Si Bedegong dipecat.

“Tuh tingali kasawelasan RT 07, maénbalna teu éléhan baé. Geus manéh eureun tong ngalatih RT 05 ah!’ ceuk Mang RT.

“Baé da Igong rék ngalamar jadi pelatih RT 07 supaya meunangan!” ceuk SI Bedegong ambek.***

Sumber: Galura – Edisi II Maret 2012

Diskusi

2 respons untuk ‘Si Bedegong Jadi Pelatih

  1. Leuh Si Bedegong nu abdi mejeng di dieu. Nuhun.

    Posted by aan erdeka permana | Desember 3, 2012, 9:00 am

Tinggalkan komentar