//
you're reading...
Paribasa jeung Babasan

Paribasa jeung Babasan | huruf awal E

Elmu ajug = pinter ari mapatahan batur mah, tapi prak ku sorangan henteu.

Elmu sapi = samiuk (ngahiji) kana kagorengan.

Elmu tumbila = nu boga imah ngarugikeun ka tatamu.

Elok bangkong = nuju sakarat, ngan kari tunggu dawuh bae.

Endog sapatarangan, peupeus hiji, peupeus kabeh = kasusah atawa karerepet anu tumiba ka dulur, baraya atawa sobat, balukarna ngabingungkeun atawa nyusahkeun ka sarerea.

Endog tara megar kabeh = najan saindung sabapa henteu sarua milikna, rejekina atawa darajatna.

Sumber: kipsaint.com

Diskusi

Belum ada komentar.

Tinggalkan komentar