//
archives

Babasan

This tag is associated with 20 posts

Paribasa jeung Babasan | huruf awal W

Waspada permana tingal = Bisa nyaho kana naon naon anu bakal kajadian. Wiwirang di kolong catang nya gede nya panjang = wiwirang nau pohara gedena. Sumber: kipsaint.com

Paribasa jeung Babasan | huruf awal U

Ulah beunghar memeh boga = ulah adigung nyeta nyeta anu beunghar, turtaning henteu atawa tacan boga pakaya. Ulah cara ka kembang malati kudu cara ka picung = Ulah sok bosenan ari ka pamajikan teh, hadena mah ti keur ngora keneh nepi ka geus kolot teh, lain beuki lila beuki bosen tapi kudu beuki lila beuki … Baca lebih lanjut

Paribasa jeung Babasan | huruf awal T

Tamiang meulit ka bitis = Malindes ka diri sorangan. Tamplok batokeun = Berehan teuing nepi ka urang mah susah. Taya halodo panyadapan = taya eureuna digelendeng atawa di dicarekan (Terus bae digelendeng atawa dicarekan). Teng anak teng, anak merak kukuncungan = sipat-sipat nu aya di anak, babakuna nu hadena, sasarina loba anu diturunkeun ku kolotna. … Baca lebih lanjut

Paribasa jeung Babasan | huruf awal S

Sabobot sapihanean = Sauyunan, sapapait samamanis sabagja sacilaka. Sabuni buni anu ngising = sanajan dibunian atawa disumputkeun oge ari laku lampah anu goreng mah awal akhir sok kudu kanyahoan bae. Sagalak galakna macan taru nyatu anakna = sanajan pohara bengisna nu jadi indung-bapa, umuna tara tega ka anu jadi anak. Sagolek pangkek sacangreud pageuh = … Baca lebih lanjut

Paribasa jeung Babasan | huruf awal R

Raweuy beuweungeun rambay alaeun = Loba dahareun da loba pepelakan. Rumbak caringin di buruan = dina hiji kasusah atawa karerepet geus boga teu boga kolot anu mepelingan ka urang. Rumbak kuntieun = Henteu lengkep, aya bae anu kurang nu matak cua kana hate. Rup ku padung rap ku lemah, katuruban ku taneuh beureum = Maot. … Baca lebih lanjut