//
you're reading...
Paribasa jeung Babasan

Paribasa jeung Babasan | huruf awal J

Jabung tumalapung sabda tumapalang = milu nyaritakeun hiji perkara sakapeung nempasan omongan batur, nyeta nyeta siga nu nyaho, padahal teu nyaho nanaon.

Jadi maung malang = jadi panghalang, ngeunaan ka lalaki nu ngahalangan pijodoeun hiji awewe.

Jadi sabiwir hiji = jadi carita jalma loba.

Jadi senen kalemekan = mindeng dicaritakeun batur.

Jaman cacing dua saduit = jaman baheula pisan.

Jati kasilih ku junti = pribumi kaeehkeun ku urang asing.

Jauh jauh panjang gagang = hanas jauh jauh oge dijugjug, ngan hanjakal ku teu hasil.

Jauh ka bedug anggang ka dayeuh = dusun, teu nyaho di tata-titi, tidak tanduk, suba sita, duduga jeung peryoga.

Jauh ka bedug = dusun,bodo, euweuh kanyaho.

Jawadah tutung biritna, sacarana sacarana = unggal bangsa beda adat jeung kabiasaanana.

Jegjeg ceker = cape kulantaran leumpang ka dieu ka dieu.

Jejer pasar = lumrah bae, mun ka lalaki, kasep henteu, goreng henteu.

Jeung leweh mah mending waleh = leuwih hade wakca balaka ngedalkeun kahayang ti batan ngandung kabingung teu wani pok nyarita.

Jogjog neureuy buah loa = mikarep ka anu lain babad.

Jogjog neureuy buah loa = Milampah anu moal pihasileun.

Sumber: kipsaint.com

Diskusi

Belum ada komentar.

Tinggalkan komentar