//
you're reading...
Paribasa jeung Babasan

Paribasa jeung Babasan | huruf awal S

Sabobot sapihanean = Sauyunan, sapapait samamanis sabagja sacilaka.

Sabuni buni anu ngising = sanajan dibunian atawa disumputkeun oge ari laku lampah anu goreng mah awal akhir sok kudu kanyahoan bae.

Sagalak galakna macan taru nyatu anakna = sanajan pohara bengisna nu jadi indung-bapa, umuna tara tega ka anu jadi anak.

Sagolek pangkek sacangreud pageuh = Hanteu cidra kana jangji.

Saherang herangna cai beas = Galibna hate teh hese pisan beresihna ka jelema anu geus bukti tas nganyernyeri ka urang.

Saherang herangna cibeas, moal herang cara cisumur = Sasarina lamun geus aya pacengkadan sok tara hade deui cara bareto samemeh aya pacengkadan.

Sakecap kadua gobang = Gampang ngambek jeung gampang ngadek deuih.

Sakiriciking duit sakocopoking bogo = Naon bae anu matak narik kana hate urang.

Saluhur luhur punduk tara ngaliwatan hulu = Sapinter pinterna murid pangartina moal ngaluhuran guru.

Sangsara di geusan betah = Teuing ku miskin, teu boga naon naon pisan kulantaran geus embung digawe nyiar kipayah. Anehna the ari hirup mah hayang keneh.

Sapu nyere pegat simpay = Paturay papisahan.

Sareundeuk saigel sabobot sapihanean sabata sarimbangan = Sauyunan, layeut, tara aya pacengkadan.

Satengah buah leunca = Teu jejeg ingetan, langlang lingling, kurang saeundan.

Saumur nyunyuhun hulu = Saumur hirup rumingkang di bumi alam.

Saungkab peundeuy = Omongan anu pondok tur kurang manis.

Sengserang padung = Ngeunaan awewe atawa lalaki anu boga keneh napsuna cara baheula keur ngora keneh, sasarina aya di jelema nu geus kolot, nu tereh paeh.

Sentak badakeun = teu ceehan dina gawe, mimiti pohara getolna, tapi beuki lila beuki ngedul nu tungtungna teh diantep teu dipigawe pisan.

Sereg di panto logor di liang jarum = nyingkahan hirup kumbuh jelema loba, sabab loba dosa, loba kasieun jeung kaera, betahna dinu suni nu teu aya jelema.

Sereg dibuana logor diliang jarum = Kulantaran loba kasalahan atawa dosa, embung cicing di nu rame, sabab sieun, karesepna the di nu suni, nu euweuh jelema.

Seukeut ambeu seukeut deuleu = loba mata-matana jeung pinter nyusud perkara (keur pagawean pulisi).

Seukeut tambang manan gobang = Sakumaha gagahna wanina jeung ngalawana oge jalma jahat mah awal ahir tangtu katangkep pulisi.

Seuneu hurung cai caah = Keur ambek, keur amarah, keur napsu.

Seuneu hurung dipancaran = Nu keur napsu, heug ditambahan pisan pikakeuheuleun, tangtu bae ngambekna jadi tambah.

Seuseut batan neureuy keueus = Hese pisan.

Sibanyo laleur = Ledis pisan, teu nyesa saeutik eutik acan.

Sirung ngaliwatan tunggul = Darajat atawa milik anak ngaliwatan bapa.

Sosoroh ngadon kojor = Kikiriman ku lantaran aya pangarahan tapi boro boro meunang kauntungan, kalahka meunang wiwirang jeung karugian.

Sumber: kipsaint.com

Diskusi

Belum ada komentar.

Tinggalkan komentar